Sabtu, 13 Desember 2008

Cangkurileung

Dina wanci ieu loba nu teu apal yen Kota Bandung boga puspa jeung fauna nu jadi ciri khas nyaeta kembang patrakomala atawa kembang merak (Caesalpinia pulcherrima) jeung manuk cangkurileung atawa kutilang (Pycnonotus aurigaster). Apalna Kota Bandung teh "identik" jeung kota "factory outlet", kotana PERSIB, pernah oge aya sebutan kota sampah.

Sim kuring oge kakara apal teh saatosna maca tina berita di koran daerah. Biasa sok aya pro jeung kontra, kitu oge dina netepkeun ciri khas atawa maskot Kota Bandung. Anu kontra, teu setuju alesana diantarana kusabab duanana lain putra daerah alias asalna ti luar, cenah ari cangkurileung teh asalna ti daerah Cina Selatan jeung Asia Tenggara sedengkeun kembang merak asalna ti Amerika Selatan.

Tapi ku kituna sim kuring salaku Urang Bandung ngarasa prihatin ternyata masih osok nempo barudak boh kolot mamawa sumpit (sumplit?) dipake ngala manuk. Jeung ternyata maranehna teh ngan saukur iseng kusabab areuweuh gawe. Meni tragis.

Kabayang lamun di Kota Bandung bisa ngadangu sora manuk ting koceak, sora tonggeret silih tembalan, asa jaman bareto keur sim kuring budak keneh. Bareto mah euweuh carita aya nu kabanjiran siga jaman kiwari. Eta teh sabenerna kila-kila yen kahirupan khususna di Kota Bandung teh geus teu saimbang.

Balik deui kana manuk cangkurileung, kumaha rek bisa betah di Kota Bandung mun gawena di sumpitan atawa ditembakan? Komo deui mun tatangkalana di taluaran dijadikeun suluh? Kukituna hayu dulur-dulur urang Bandung, urang babarengan ngajaga kalestarian kota urang tina tangan-tangan jail jeung ti jalma nu teu baroga tanggung jawab.

Tidak ada komentar: